Pemimpin Redaksi Majalah Karsa
Dina awal taun 1960-an kamekaran basa, sastra jeung seni Sunda kacida morontodna. Anu araktifna umumna mahasiswa Jurusan Basa Sunda di Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan (IKIP) Bandung. Karya sastra (prosa, puisi) anu midang dina rupa-rupa majalah basa Sunda, leuwih saparona jolna ti Bumi Siliwangi. Kitu deui karawitan. Malah réa pisan rumpaka anu awalna ditulis mangrupa puisi tuluy digurit jadi lagu. Nepi ka ayeuna lagu-lagu Sunda ciptaan jaman harita masih kénéh dipikatineung jeung dipikaresep.
Awal pamianganana mah mimiti ti taun 1957. Harita di Perguruan Tinggi Pendidikan Guru (PTPG) aya “jurusan” (mangsa eta mah tacan jadi jurusan) basa Sunda. Mahasiswana henteu réa. Ari guruna, teu aya anu sarjana. Kakara kabéhdieunakeun aya dosén terbang ti Universitas Indonesia (UI). Lantaran guru-guruna lain sarjana, ngajarna teh lolobana mah maké conto. Balukarna mahasiswana ogé leuwih aktif, da ku guruna diajakan.
Kabiasaan aktif di jero kelas téh kabawa ka luareun kelas. Karna Yudibrata, Yus Rusyana, Apung SW, Dudu Prawiraatmadja, Duduh Durahman mindeng “ngagandéngan” Bumi Siliwangi lantaran resep dederamaan. Nu ngaranna kostum cukup ku tina bagor, ari lightingna ngagunakeun lodong. Lain ngan di kampus wungkul araktifna téh, tapi ogé ka luareun kampus. Karna saparankanca ngasuh acara di RRI Bandung. Ti Bumi Siliwangi ka gedong RRI di Jl. Cianjur téh laleumpang. Atuh drama-dramana ditaranggap nepi ka Subang, Ciwidéy, Sumedang, jsb.
Tina gagandéngan jeung dederamaan harita, ahirna diadegkeun Keluarga Alumni Bumi Siliwangi (Kabumi) anu bagerak dina kasenian. Ayeuna mah Kabumi teh geus jadi salasahiji ikon Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung.[]