Guru SMA Negeri 1 Garut
Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu maké sandiasma GS nulis buku kumpulan carpon Dogdog Pangréwong (1930). GS ogé dianggap minangka salah saurang inohong anu ngaluluguan nulis carpon dina basa Sunda. Atawa sed saeutik rada heubeul ti dinya carita pondok dianggap lahir sabada medalna majalah Parahiangan (1929-1942). Ieu katerangan téh geus umum kapanggih dina buku pangajaran sastra atawa dina artikel jeung buku nu medar sajarah sastra Sunda. Dumasar kana dokumén anu aya mah, bisa jadi anu mimiti nulis karangan dina wangun carpon téh lain GS.
Wangun-wangun carpon geus aya ti abad ka-19 kénéh. Sagédéngeun éta, wangun carpon ogé geus réa ditulis di majalah jeung koran atawa pustaka mangsa séjénna, jauh saméméh medal buku Dogdog Pangréwong jeung majalah Parahiangan.
Nilik ka dinya mah, lian ti perlu maluruh dokumén-dokumén anu dianggap penting keur ngagambarkeun sajarah carpon Sunda, perlu ogé dipaluruh situasi anu jadi kasang tukang lahirna génre carpon, pangpangna situasi kolonialisme nu ngarungrum kahirupan urang Sunda harita. Tujuanana nyaéta pikeun mikanyaho konsépsi jeung wangun carpon anu ahirna dipilih ku urang Sunda minangka média keur ngaéksprésikeun gagasan, angen-angen, jeung kréativitasna.
Ieu hal téh lain baé perlu keur ngadeudeul pangajaran sastra, tapi bisa ngagambarkeun kumaha faktor-faktor kolonialisme mangaruhan kahirupan urang Sunda. Tina perspéktif postkolonialisme, éta pangaruh téh bisa jadi manjang nepi ka kiwari tur ahirna mangaruhan pola pikir jeung gagasan urang Sunda dina ngarumuskeun konsépsi sastrana sorangan.