KIBS II, 19—22 Desember 2011

Ngalarapkeun ajén-inajén Budaya Sunda dina Widang Politik, Ditilik tina Perspéktif Political Public Relations

Evie Ariadne Shinta Dewi

Dosen Komunikasi Politik di Fakultas Ilmu Komunikasi Unpad

Ilaharna nagara nu nganut sistim démokrasi, bari jeung ngagunakeun sistim pemilu langsung sakuduna mah hasilna téh, aya korélasi positip jeung karaharjaan umat. Tapi niténan dinamika politik kiwari, katingalina rahayat malah mandar jadi beuki raharja, gemah ripah loh jinawi, tapi malahan leuwih ripuh dina sagala widang kahirupan. Hal ieu dicuriga ku sawatara panaliti, dilantarankeun nagara rugi alatan korupsi nu beuki meuweuh. Korupsi nu cenah enya keur dileukeunan dibasmi ku KPK, tapi éleh gancang ku kalakuan para koruptor nu mingkin rosa, saenyana bisa oge dipaluruh tina sikep jeung perilaku para aktor politik nu kiwari manggung. Salah sahijina sikep jeung perilaku nu geus karabut tina akar budayana atawa nu geus teu maliré kana ajén-inajén nu tumuwuh di masyarakatna.

Tulisan ieu hayang ngungkabkeun sababaraha patanyaan nu aya patula-patalina jeung sikep sarta perilaku aktor politik jaman kiwari utamana di Jawa Barat. Saperti misalna naha para aktor politik urang ayeuna masih kénéh wawuh tur ngalarapkeun kana ajén-inajén budaya sunda saperti: (1) sacangreud pageuh, sagolék pangkék, (2) ulah lunca-linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali kana purwadaksina, (3) Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang, (4) ngeduk cikur kedah mihatur nyokél jahé kedah micarék, (5) bobot pangayun timbang taraju, (6) silih asih, silih asah jeung silih asuh, (7) ulah ngaliarkeun taleus ateul, (8) ulah ngukur baju sasereg awak, (9) nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun, (10) ulah nyaliksik ka buuk leutik.

Analisis dina tulisan ieu ngagunakeun perspéktif political public relations, lantaran yakin yén ajén-inajén budaya Sunda ge saenyana mah luyu jeung ajén-inajén nu aya dina elmu public relations, mangrupa ajén-inajén nu sifatna universal, nu bisa dilarapkeun di mana baé dina kaayaan naon baé, dina waktu nu kumaha baé, keur kapentingan saha baé. Teu anéh mun disebutkeun yén public relations work is all about developing effective relationship between organizations and groups who are important to them, ...

Sing saha baé nu kaasup aktor politik (politikus, birokrat, aktivis, organisasi masyarakat, jeung sajabana), sagala réngkak paripolah, sikep tur babasaanana diaping sarta dumasar kana ajén-inajén buadaya Sunda, saéstuna mah bakal ngahasilkeun komunikasi politik nu éféktif. Komunikasi politik éféktif bakal ngurangan waragad nu kudu ditang­gung, sarta bakal ngurangan niat tur upaya nga­lakukeun korupsi nu ngarugikeun nagara ogé raha­yat. Antukna, muara tina komunikasi éféktif para ak­tor politik nu ngalarapkeun ajén-inajén budaya Sun­da, bakal ngilu merjuangkeun karaharjaan umat.

Tanggal Penting

30 Oktober 2021

Batas Akhir Pengiriman Abstrak

17 Novémber 2021

Pengumuman Abstrak Terpilih

1 Desember 2021

Batas Akhir Pendaftaran Peserta

1—3 Désémber 2021

Pelaksanaan KIBS III