KIBS II, 19—22 Desember 2011

Ki Sunda dina Budaya Digital

Mamat Sasmita & Dadan Sutisna

Pengelola Rumah Baca Buku Sunda,

Pemimpin Redaksi Majalah Cupumanik &

 

Pengarang Sunda, penulis buku komputer,

programmer dan pemerhati media digital.

Média digital boga andil pikeun nyiptakeun budaya anyar, ngaréka, ngahirupkeun, atawa kalah nilemkeun budaya nu geus nyampak di masarakat. Kiwari méh saban jalma bisa ilubiung ngawangun budaya anyar, nepi ka torojol cyberculture nu bisa ngagambaran formasi sosial, balukar tina gumantungna masarakat kana téknologi informasi jeung komunikasi.

Ki Sunda minangka bagian tina sélér nu milu kapangaruhan aweuhan kasajagatan, sawadina boga konsép jeung pamadegan nu ajeg dina nyanghareupan pagaliwotana jaman. Budaya Sunda baris terus mekar mun bisa lunta ka jauhna, bisa nganjang ka anggangna, henteu ulukutek di “lembur” sorangan. Lebah dieu, nu jadi mobilisatorna nya manusa Sunda, nu boga peran penting pikeun ngahirupkeun, atawa sabalikna kalah mareuman budaya sorangan.

Sawatara pasualan Ki Sunda téh nyaéta teu bisa ngamangpaatkeun lolongkrang nu geus nampeu hareupeun. Budaya Sunda haben ditalungtik, dipadungdengkeun, tapi henteu bari ngawangun agén budaya nu nyebarkeunana. Pangna kitu téh, lantaran nepi ka kiwari, masih kénéh aya gurat nu misahkeun antara entragan béh ditu nu boga kaweruh kana budaya, jeung generasi kiwari nu geus tilem tina budaya digital. Can aya cukang nu weweg nu nepungkeun maranéhna. Can aya nu ngalawungkeun antara generasi nu linuhung élmu budayana, tapi héngkér dina ngayonan pajamanan, jeung generasi nu bolostrong ku élmu budaya, tapi bisa meruhkeun téknologi.

Ieu tulisan, seja medar sawatara lolongkrang nu bisa diancruban ku Ki Sunda dina nyanghareupan budaya digital.

Tanggal Penting

30 Oktober 2021

Batas Akhir Pengiriman Abstrak

17 Novémber 2021

Pengumuman Abstrak Terpilih

1 Desember 2021

Batas Akhir Pendaftaran Peserta

1—3 Désémber 2021

Pelaksanaan KIBS III