Sastrawan dan Wartawan
Kitab suci Alquran, diwahyukeun ku Alloh SWT ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw, dina basa Arab. Mangrupa padoman pikeun umat Islam dina nyorang kahirupan di dunya jeung ahérat.
Marengan nyebarna agama Islam ka sakuliah alam, kaasup wewengkon nu henteu ngagunakeun basa Arab, tangtu baé diperlukeun tarjamahan tina basa Arab kana basa séjén. Pangpangna di nagara-nagara nu pangeusina réa ngagem agama Islam .
Tarékah kitu, geus katangén ti béh di tu mula. Para ulama di Tatar Sunda, geus baroga kasadaran, yén narjamahkeun Quran kana basa Sunda téh mangrupa cara pikeun ngali jeung nerapkeun eusi Quran, sangkan kaharti tur bisa diamalkeun ku urang Sunda Muslim. Nu kacatet, tarjamah Quran basa Sunda pangheubeulna, nyaeta “ Tafsir Hibarna” karya KH. Kol. Isa Édris (1932), “Al Quran Sundawiyah” (Solo, 1933), “Al Furqon Basa Sunda” (Persatuan Islam, 1937), dituturkeun ku tarjamahan-tarjamahan nu leuwih lengkep kalawan tatacitak kawilang hadé. Seperti “Nurul Bayan” KH Mohd. Romli & HNS Mintarja (1960), “Al Amin” karya KH Qomaruddin Saléh spk. (1971), “Al Kitabul Mubin” tafsir Quran basa Sunda 30 juz, karya KH Mhd. Romli (1974), “Al Munir” karya Dr.H. Djawad Dahlan (2005), “Ayat Suci Lenyepaneun” 30 jilid, karya H.Moch.E. Hasyim (1984), “Quran Miwah Tarjamahna dina Basa Sunda” nu dipedalkeun ku Pémprov. Jawa Barat (2008).
Tacan kawilang tarjamah atawa tafsir anu ditulis pikeun lingkungan sorangan di pasantrén/majelis ta’lim. Kawas “Raudotul Irfan fi ma’rifatil Quran” karya KH Ahmad Sanusi Gunung Puyuh Sukabumi (1950). Sanajan ditulis dina hurup Arab, tapi ngagunakeun basa Sunda.
Kitu deui “Nur Hidayah, Saritilawah Quran dina basa Sunda” karya R.H. Hidayat Suryadilaga (1994), nu mangrupa adaptasi eusi ayat-ayat Quran dina wangun dangding/pupuh.
Narjamahkeun Quran kana basa Sunda, sajaba ti nyumponan kabutuh umat Islam Tatar Sunda pikeun ngarti kana kitab sucina, sakaligus ngukur kabeungharana kecap (kosa kata) basa Sunda sorangan dibandingkeun jeung basa Arab. Beuki saeutik perbédaan (disparitas) antara kecap Arab jeung Sunda, beuki leutik kamungkinan kana ngaheureutan ma’na nu dikandung ku basa aslina. Tur gedé kamungkinan pikeun leuwih jero ngali jeung medar eusi kitab suci.