KIBS II, 19—22 Desember 2011

Kunci (Boesenbergia rotunda (L.) Mansf. A): Tina Sasakala Sunda kana Produk Kosmetik

Yaya Rukayadi

Department of Food Science,  Faculty Food Science and Technology,

Universiti Putra Malaysia – UPM

Ti jaman baheula, tutuwuhan geus dipaké ubar pikeun ngubaran sanés kanten kasakit jelema jeung ingon-ingon. Carita nu nétélakeun yén luluhur urang geus ngagunakeun tutuwuhan pikeun ubar, bisa ditingali dina barang-barang sajarah kayaning candi-candi, buku-buku kuno, tulisan-tulisan dina daun lontar atawa dina batu, jeung sajabana. Dina Al-Qur’an jeung Bible ogé, disebutkeun masing-masing kurang leuwih aya 20 jeung 125 jinis tutuwuhan nu bisa dipaké pikeun ngubaran kasakit.

Boros atawa kunci atawa temu kunci (bahasa Indonesia), fingerroot (bahasa Inggris), ao chun jiang (bahasa China), krachai (bahasa Thailand) mangrupa salah sahiji suku bongborosan nu sok dipaké sambara masakan bangsa Asia Tenggara. Salian ti éta beuti atawa rimpang kunci ogé di Suriname jeung di nagara-nagara Asia Tenggara, dipaké pikeun ngubaran raheut, bareuh, jeung nyeri beuteung atawa méncrét. Beuti kunci ngandung sanyawa anu di antarana ngabogaan kasiat antimutagénik, kasiat ieu aya pakuat-pakaitna pikeun anti kanker.

Hasil panalungtikan kuring jeung sabatur-batur, ngabuktikeun yén ékstrak atawa sari beuti kunci ngabogaan kasiat nu aya pakuat-pakaitna jeung kageulisan atawa kosmétik. Sigana kabéh ogé satuju yén kageulisan téh nyokona dina pakulitan jeung buuk, sanajan keureutan beungeut ogé nangtukeun pisan. Wanoja anu geulis téh nyaéta wanoja anu kulitna beresih, konéng umyang, teu budug, teu karenyod, jeung sajabana. Tah éta kabéh téh aya pakuat-pakaitna jeung sari beuti kunci téa. Sari beuti kunci ngabogaan aktivitas antimikroba kulit anu kuat, ampuh ngalawan kuman panyakit kulit kayaning Staphilococcus sp. jeung Candida albicans. Sari beuti kunci oge ngabogaan kasiat pikeun ngahalangan kolotna lapisan kulit ku sabab kasorot ku sinar UV tina cahaya panonpoé (antiphotoaging). Salian ti éta, sari beuti kunci ogé ngabogaan sifat pikeun ngahalangan pigmentasi atawa pewarnaan kulit (whitening agent). Nu pangakhirna nétélakeun yén sari beuti kunci téh ngabogaan kasiat pikeun ngungkulan karenyodna kulit (antiwringkle). Salah sahiji sanyawa anu aya kasiatna dina sari beuti kunci téh nyaéta sanyawa nu disebut panduratin A. Ayeuna produk-produk kosmétik anu di produksi ku pausahaan-pausahaan Koréa geus loba nu ngagunakeun sari beuti kunci. Jadi lain pamohalan tina hiji sasakala atawa kabiasaan hiji masyarakat lamun ditalungtik sacara daria, bisa ngahasilkeun hiji produk anu bisa dipasarkeun sacara global. Tangtu baé masih loba kénéh tutuwuhan Pasundan anu masih can kaguar kasiatna sacara ilmiah. Ku kituna, kabeungharan alam Pasundan geus waktuna kudu ditalungtik sacara ilmiah.

Tanggal Penting

30 Oktober 2021

Batas Akhir Pengiriman Abstrak

17 Novémber 2021

Pengumuman Abstrak Terpilih

1 Desember 2021

Batas Akhir Pendaftaran Peserta

1—3 Désémber 2021

Pelaksanaan KIBS III