Dina taun limapuluhan, pun aki ngawurukan hal pananggalan Sunda. Tapi harita mah perhatian kana hal kitu téh kurang pisan, ngan anu inget kénéh téh yén aya tilu kala Sunda, nya éta: Kala Surya anu dumasar kana Surya (panonpoe), Kala Candra anu dumasar kana Candra (bulan), jeung Kala Sukra nu dumasar kana Béntang.
Aturan dina Kala Surya: tilu taun pondok, kaopatna taun panjang, tapi unggal taun nu béak dibagi ku 128 dijadikeun taun pondok.
Aturan dina Kala Candra: dina jero sawindu (8 taun), taun kadua, kalima jeung kadalapan ninggang di taun panjang, sésana taun pondok. Dina unggal taun ka-120, dijadikeun taun pondok, atawa dikurangan sapoé. Kukituna, indungpoé taun ka salapanna pindah.
Ari waktu nerangkeun Kala Sukra mah, lantaran loba nyebut ngaran béntang anu keur kuring mah anyar pinanggih, jadi euweuh nu asup, atawa teu kaharti saeutik-eutik acan. Ngeunaan kala nu dumasar kana béntang mah lapur. Nu inget téh ngan, lamun ninggang dina poé nanggalkeun bulan Kreti teu meunang patemon, bisi kajadian sok matak cacad. Lian ti dinya mah lolobana anu patali jeung urusan tatanén.
Ki Sunda mibanda pananggalan atawa itungan kala-ider (kalénder) nu dumasar kana ngiderna surya jeung nu dumasar kana ngiderna candra duanana diaranan kala saka. Dina tulisan itu, pikeun ngabédakeunnana, maké ngaran Kala Saka pikeun kala Surya, jeung Kala Caka pikeun kala Candra.